Addense

Saturday, 17 September 2016

BUJANG KOLOT

Kacaritakeun si omod jadi bujang kolot hartina jomlo teu menang wae pasangan.
Unggal si omod datang kanu hajatan terutama kanu kawinan eta bapa2 teh ampir kabeh naranya ka si omod anu pertanyaan na mantak nyinggung kana perasaan si omod salaku manehna jadi bujang kolot , kumaha kitu nanya na: MOD IRAHA MANEH REK NYUSUL" tah kabeh naranya kitu nepi ka si omod bosen ngajawab bari sok ngarasa kasinggung keuheul hayuh we naranya kitu.
Saminggu ti harita pas marengan aya nu maot si omod ngalayad papanggih jeng bapa2 anu sok nanya wae "MOD IRAHA REK NYUSUL" tah urang boga ide ayena giliran urang nu nanya ka bapa2 grentes hate si omod teh.
Gek we si omod diuk deketen bapa-bapa "pok we si omod ngomong "pak itu teh rerencangan bapa anu tos ngantunken teh, iraha bapak rek nyusul?.....
Etamah langsung bapa bapa molotot kasi omod..
Si omod ngarasa puas dina hatena kusabab ges bisa ngabales kana ka keuheul na.
                      Tamat
Narasumber@cucuyusufridwan

No comments:

Post a Comment