Aya jalma anu kembar dua lalaki wungkul , anu kahiji ngarana emen boga daging jadi dina tarangna sagede bola pingpong.
Anu kadua ngarana omon sarua boga daging jadi sagede bola pingpong dina pundukna.
Hiji waktu eta si emen nguseup dur asyar ka walungan anu pararoek di deukeut imahna nepi ka peuting teu daek meunang kalahka nundutan eta si emen
Dina waktu ker nundutan aya anak siluman ningali aya bola dina tarangna si emen langsung eta anak siluman cerik ka indungna bari pok ngomong ema abi hoyong bola! Dimana aya bola cek indungna . Itu dina tarang manusa nu keur nguseup ! Oh ke atuh cuang ala bola na. Gancang carita eta daging jadi anu sagede bola pingpong teh di ala ku indung siluman trus di biken ka anakna di pake ulin.teu lila ti harita eta si emen teh hudang rek balik bari sibenget di rampa teh kaget naha biasa na ari sibenget teh karasa aya nu ngajendil naha ayenamah rata grentes hatena si emen ker sibenget trus dirampaan ngayakinkn sangges bener lengit eta daging jadi na manehna bungah pisan nepi ka ajrag2gan bakat ku bungah. Nepi ka imah si emen bebeja ka si omon batur sakembaran na yen manehna ayena cager daging jadi na sangges nguseup di walungan nu eta bari di terangkn kajadian na. Nepi ka si omon kabitaeun hayang nurutan kusabab manehna oge hayang cager tina daging jadi nu aya dina pundukna.
Gancang carita isukna si omon nguseup sakumaha anu di dongeng keun ku si emen nya manehna ngusep pasosore nepi ka peuting nu antukna manehna nundutan dina waktu ker nundutan aya deui anak siluman anu kamari balik deui kadinya jeng indung na pok anak siluman teh ngomong ema abi tos bosen bola na! Ken atuh cuang balikeun deui cuang terapken deui kanu ker ngusep langsung we eta bola di terapkn kana tarang si omon sdengkn eta bola teh kamari mah tina tarang si emen al hasil si omon jadi dua daging jadi na nu sagede bola hiji dina pundukna hiji deui nu anyar dina tarangna . Gancang carita eta si omon teh hudang tina sare na langsung sibenget naha ari gebeg teh manehna ngejat kabina2 sangges nyagap aya bola dina tarangna dina pundukna angger aya manehna balik bari cerik anu pinuh rasa hanjakal jeng keheul ka siluman nepi ka di baledog eta tempat ngusep na ku kowong kalapa bari pok ngomong jadol teh nipu ka kuring. langsung we balik bari bebeja ka si emen sagala anu ka alaman ku manehna bari cerik ..
Tamat
narasumber@cucuyusufridwan
Addense
Thursday, 15 September 2016
BOLA PINGPONG
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment