Kacaritakeun aya hiji lalaki anu pagawean na tukang ngala suluh ka kebon unggal poe ngalaan suluh make kampak manehna nu ngan hiji2na, dina hiji waktu indit kaleuweung anu eta leuweung teh jalanna kudu ngaliwatan susukan badag bari jero waktu manehna mentas kana eta susukan ngadadak tikosewang nepika kampak anu di cekel teh ngacleng ka solokan untung we manehna mah teu milu rag2 kasolokan sangges tepi nyebrang manehna bingung sabab kampak teh modal hiji2na piken usaha nu antukna manehna teu bisa usaha deui tuluy cerik ngahinghing, sabot manehna ker cerik dina sisi solokan ngadadak eta cai solokan teh muter trus aya sora anu teu katingali jirimna langsung pok we ngomong:" IEU KAMPAK ANJEN ANU LENGIT TEH ? bari ngacungken kampak tina jero cai anu di jieunna tina emas, "sanes !! Cek tukang suluh teh bari gogodeg, terus ngacungken deui kampak tinajero cai anu di jieun na tina perak bari pok ngomong atawa nu ieu? Lain !! Cek tukang suluh bari gogodeg deui wae. Trus we ngacungken deui kampak tina besi anu tadi ngacleng, bari pok ngomong atawa nu ieu? tah muhun eta cek tukang suluh mani atoh pisan. Tah kusabab anjen mah jujur ieu kampak seug bawa tiluan nana (nu emas,nu perak, nu besi)
Langsung we eta tukang suluh teh balik ka imah na bari mawa 3 kampak.
Heleut saminggu eta si tukang suluh teh ka kebon deui ayena mah jeng pamajikan na pas nyebrang dina solokan badag (walungan) pamajikan na ti soledat gebrus we kana solokan langsung anclub teu muncul deui atuh eta tukang suluh teh hing deui cerik pas ker ceurik kitu datang deui sora nu teu katingali jirimna pok we nyarita : Ieu pamajikan anjen teh? bari ngasong ken dewi persik,",ceuk tukang suluh teh "MUHUN ETA!! . "Ke ke ke naha gening anjen teh ari dina urusan kampak mah jujur pisan ,tapi dina urusan pamajikan mah teu jujur cek sora gaib tea aneheun!!!
Tukang suluh ngajawab :punten sanes teu hoyong jujur tapi upami teu di muhunan engke teh di asongken deui Julia peres ,trus di asongken deui pamajikan kuring kusabab kuring jujur engke teh tiluan nana di bikeun ka kuring,sedengkeun kuring teu sanggup nga biayaan pamajikan satilu2 hiji oge kuring teh can ka cumponan sagala kahayang na cek tukang suluh daria naker. Oh jen atuh ari kitumah cek sora gaib ngartieun kaayaan si tukang suluh. Gancang carita langsung we eta tukang suluh teh mawa dewi persik ka imahna. Kusabab teu ka biayaan eta dewi persik teh gering tuluy maot , tapi anehna mayitna leungit sing horeng eta teh sanes dewi persik tapi siluman anu berubah wujud jadi dewi persik ...
TAMAT.
Narasumber@cucuyusufridwan
0ceritahumor.blogspot.com
Ucumetrocell.blogspot.com