Addense

Sunday, 25 October 2020

Jawara



Caritana jawara loba pamenta

Kacaritakeun aya jawara numpak kuda ngaliwatan hiji leweung ...Nu geus ka teulah Angkeur jeung geeuman..pas handapeun hiji tangkal caringin nu hieum pika keeungeun...katingali aya oray ngarengkol badag pisan ngahalangan jajalaneun...


Ku sabab jawara teh wanian tur luhung elmu pangabisa...teu sieun najan aya oray nu sakitu gede na...turun tina kuda langsung nyabut pedang ek maehan eta oray...barang seakk ngayun keun pedang ...jug ujug eta oray bisa ngomong...atuh jawara teh reuwaseun ...yeu lin sa oray oray na ...pasti siluman...


Oray:"Ampun ulah maehan kula...sok menta naunt oge ..pasti di teudunan?!!"


Atuh jawara teh atoheun pisan..fikir na teu rugi asruk asruk kan ka leweung oge ..


Jawara:" Atuh kabeneran ri kitu mah..kuring aya 3 pamenta..

Ka hiji:" kuring menta harta emas permata ..meh jadi jalma benghar..

Ka dua:" kuring menta bengeut jadi kasep tur gagah meh loba awewe nu daekeun..

Ka tilu:" kuring menta bobogaan sagede Kuda nu di bawa ku kuring ayeuna..


Oray:"Heueuhh ...geus di tedunan ..jug teang di imah kaituh geura balik?!!"


Jawara kacida atoheun nana gagancangan balik ka imah...hayang ngabuktikeun pamenta na geus di teudunan ku oray siluman nu nga geugeuh leweung Angker...


Geus nepi ka imah buru muka lomari ..bener weh emas permata berlian geus aya ..pohara loba na...

Ret ngaca ...bener deui eta bengeut kasep jeung gagah kacida...

Hiji deui fikir na ..atuh jol morosotkeun calana...ret di tingali kacida soaxx na...

Geuningan poho tadi teh nu di bawa nyaeta 

KUDA BIKANG πŸ˜₯πŸ˜₯πŸ˜₯πŸ˜₯


Jawara Kapaehan ,πŸ˜œπŸ˜œπŸ˜œπŸ˜œπŸ˜‚πŸ˜‚πŸ˜‚πŸ˜‚πŸ™„πŸ™„πŸ™„πŸ™„πŸ™„πŸ˜‚πŸ˜‚πŸ˜‚


Poligami


 Nyandung mawa Berkah... dongeng

Sikabayan vs nyi iteung


Nyeul Hate nyi iteung ambeuk jeung asa di duruk ..basa ngadenge beja ceunah Salaki teh kang kabayan ek kawin deui..asa nateh teu Ridho...saha awewe na nu daek di candung najan ceuk pak ustadz bakal di bere hadiah surga ..can pikuateun nandangan nana...


"Naha bener Akang teh ceuk beja arek kawin deui?!" ceuk nyi iteung mureleung nanya salaki basa balik ti dunungan nana..


"Muhun ..Akang teh bade nikah deui nyai?!" kitu nemal na kang kabayan teh...pondok tapi ngadenge na asa ka bentar ..ni teu kireum kireum.. Raray tanpa dosa...mun kongang asa hayang nyeukek beheung na..kating ku keheull..πŸ™„πŸ™„πŸ˜πŸ˜


Rek teu keheul kumaha ..sangkilang hirup kur buburuh kuli tani ka dunungan ..masih aya niat arek nyandung ..terus rek di paraban naunt ..jikan nu ngora teh ..hadeuhπŸ€”πŸ€”πŸ™„πŸ™„


"Saha awewe na nu hayang di kawin ku Akang?!!" ceuk nyi iteung bari melak cangkeng muncereng..panasaran hayang nyaho ..


"Juragan istri " ceuk kang kabayan teh bari tungkul..soakeun kuring ngamuk ..

"Tisaprak juragan pameget ngantun keun ..Akang teh di percaya ngurus pakaya sawah nu puluhan hektar ..titinggal juragan pameget..saur juragan istri teh ningge urang nikah meh teu ragab jeung geus halal mah barokah ngurus harta teh ..

Akang teh can mere jawaban sieun Nyai teu satuju..hiji deui saur juragan istri teh..pami Nyai satuju ..kin sawah nu sa hektar di bikeun pek keur Nyai ceunah?!!"


Ngadenge penjelasan salaki nu panjang lebar jeung pi duiteun ...nyi iteung ngadadak leah jeung dadak sakala piambekeun teh aweuh di ganti ku bungangang ngabayang keun bakal bagjaa..


"Atuh mun kitu mah kumaha Akang weh Nyai mah nurut..asal ulah di momorekeun pengorbanan Nyai nu geus Ridho daek di candung...sugan weh kin hadiah na di bere Surga ..


Padahal mah na hate ngimpleng geus ka bayang...bakal boga maru nu sakitu beunghar na nu sawah na puluhan hektar aya di mamana..kabayang deui bakal loba duit tina hasil nga jual pare...kacumponan ayeuna mah meuli gelang keroncong kongkorong teh...

Bae ahhh boga salaki nyandung oge teu rugi..

Malah hirup jadi benghar ...Da tetep weh gagang na mah utuh balik deui ka kuring πŸ€”πŸ€”πŸ€—πŸ€—πŸ˜πŸ˜πŸ˜πŸ˜